Silsilah Keluarga Dalam Bahasa Sunda

 Silsilah keluarga dalam istilah Sunda

Silsilah nurutkeun dina Kamus Besar Bahasa Indonesia nyaeta asal-usul salah sahiji kulawarga mangrupa bagan, susun galur (katurunan).
Dina Bahasa Sunda, istilah ieu dikenal ku sebutan (pancakaki).

Masyarakat Sunda sacara geografis kaasup kana Provinsi Jawa Barat (tataran Sunda) nu mangrupakeun unsur nu ngabentuk masyarakat Indonesia, hartina masyarakat Sunda mangrupakeun bagian ti masyarakat Indonesia (Bhineka Tunggal Ika). Dina ngawangun manusa sautuhna (ngawaun moral, mental, jeung spiritual) janten hal ieu bisa dijadikeun tolak ukur dina masyarakat. Dina hal ieu diawalan tina pendidikan masyarakat kelompok etnis.

Masyarakat Jawa Barat (tataran Sunda) diwangun ku masyarakat leutik (Masyarakat Regional jeung Lokal), dina hal ieu kelompok masyarakat leutik sapertos: masyarakat Sunda Sumedang, masyarakat Sunda Garut, masyarakat Sunda Baduy, masyarakat Sunda Ciamis, Cirebon, Banten, jeung sajabana.

Dina bahasa sunda patali teh hartina duduluran sadarah, satu kesatuan. Marga hartina kulawargi sadaya hartina samudayana. Jadi patali marga teh nyaeta sadayana hiji kulawargi atawa luyu disebut kabeh dulur.

Dina Antropologi, budaya Suku Sunda nyaeta jelema nu turun-tumurun ngagunakeun bahasa indung nyaeta bahasa sunda sarta dialekna dina kahirupan sapopoe jeung nu asal pamutuhana ti Jawa Barat (Tanah Pasundan).

Ciri kapribadian orang sunda nyaeta mikanyaah pisan jeung ngahayati pisan kana kesenian, Manusa  nu optimis, resep jeung babari gumbira, watak terbuka, sarta ngabogaan sifat perasa. Budaya sunda ngalam parobahan-parobahan di sababkeun ku nambahna penduduk.
Suku Sunda ngitungkeun jeung ngakukeun kakarabatan bilateral, boh ti garis bapa atawa indung.

Sistem kularwarga dina Suku Sunda sipat na parental, garis katurunan di tarik  ti pihak bapa jeung indung babarengan. Dina kulawarga sunda Bapa nu miboga kadudukan jadi kapala kulawarga. Tali kukulawargaan anu kuat jeung peran agama islam nu ngaruh pisan kana adat istiadat ngawarnaan saluruh sendi kahirupan Suku Sunda.


Lembang, Bandung - Taman Bunga 
Dihandap ieu aya istilah kukulawargaan nu patali hubungan kulawarga dina silsilah kulawarga urang Sunda, nyaeta:

1. Salaki, nyaeta sebutan jang lalaki nu mimpin kulawarga.

2. Pamajikan, nyaeta sebutan jang awewe nu jadi pasangan salaki.

3. Anak, nyaeta sebutan jang katurunan kahiji tina kulawarga.

4. Incu, nyaeta sebutan jang katurunan kadua tina kulawarga.

5. Buyut, nyaeta sebutan jang katurunan katilu tina kulawarga.

6. Bao, nyaeta sebutan jang katurunan kaopat tina kulawarga.

7. Bapak, nyaeta sebutan jang lalaki nu nyebabkeun lahirna katurunan.

8. Indung, nyaeta sebutan jang awewe nu nyebabkeun lahirna katurunan.

9. Aki, nyaeta sebutan jang lalaki nu mangrupakeun kolot ti bapak atawa indung.

10. Nini, nyaeta sebutan jang awewe nu mangrupakeun kolot ti bapak atawa ti indung.

11. Uyut, nyaeta sebutan jang lalaki atawa awewe nu jadi kolot ti aki jeng nini.

12. Bao, nyaeta sebutan jang lalaki atawa awewe nu jadi kolot ti uyut.

13. Jangawareng, nyaeta kolot ti bao.

14. Udeg-udeg, nyaeta kolot ti janggawareng.

15. Kakait siwur, nyaeta kolot ti udeg-udeg.

16. Karuhun, nyaeta sebutan jang nu pangluhurna (bisa ti kolot udeg-udeg) dina silsilah kulawarga nu geus pupus.

17. Adi, nyaeta sebutan jang dulur kandung (sabapak jeng saindung) nu umurna leuwih ngora.

18. Lanceuk, nyaeta sebutan jan dulur kandung nu umurna leuwih kolot.

19. Amang/emang, nyaeta sebutan jang lalaki nu jadi adi ti kolot (bapak/indung).

20. Bibi, nyaeta sebutan jang awewe nu jadi adi ti kolot (bapak/indung).

21. Uwa, nyaeta sebutan jang lalaki tawa awewe nu jadi lanceuk ti kolot (bapak/indung).

22. Alo, nyaeta sebutan jang anak ti lanceuk teges.

23. Suan, nyaeta sebutan jang anak ti adi teges.

24. Aki tigigir, nyaeta sebutan jang lalaki nu
mangrupakeun adi atawa lanceuk ti aki jeung nini.

25. Nini tigigir, nyaeta sebutan jang awewe nu mangrupakeun adi atawa lanceuk ti aki jeung nini.

26. Kapi lanceuk, nyaeta sebutan jang lalaki atawa awewe nu mangrupakeun anak ti lanceuk kolot (anak ti uwa).

27. Kapi adi, nyaeta sebutan jang lalaki atawa awewe nu mangrpakeun anak ti adina kolot (anak ti amang).

28. Adi beuteung, nyaeta sebutan jang lalaki atawa awewe nu jadi adi ti pasangan.

29. Lanceuk beuteng, nyaeta sebutan jang lalaki atawa awewe nu jadi lancek ti pasangan.

30. Mitoha, nyaeta sebutan jang kolot ti pasangan.

31.Minantu, contona sebutan jang pasangan ti anak teges.

32.Tunggal, nyaeta sebutan jang anak hiji-hijina tina salah sahiji kulawarga.

33. Cikal, nyaeta anak nu kahiji tina salah sahiji kulawarga.

34. Panengah, nyaeta anak nu lahirna paling tengah diantara kasaluruhan anak.

35. Pangais bungsu, nyaeta anak nu lahirna sateuacan anak nu panungtung (urutan kadua ti handap, berlaku jang kulawarga nu ngabogaan anak leuwih ti dua).

36. Bungsu, nyaeta anak nu lahirna paling akhir tina salah sahiji kulwarga.

37.Adi sabrayna, nyaeta sebutan jang kapi adi (adik sepupu) nu masih aya dina jalur katurunan aki jeung nini.

38.Lanceuk sabrayna, nyaeta sebutan jang kapi lanceuk (lancek sepupu) nu masih aya dina jalur katurunan aki jeung nini.

39.Baraya, nyaeta sebutan jang dulur nu masih saturunan, tapi geus jauh urutana.

40.Dulur pet ku hinis (dulur teges), nyaeta sebutan jang dulur nu masih saindung jeng sabapak.

Mudah mudahan manfaat kanu maca.  Sareng tiasa dijadiken reperensi kanggo kamajuaan budaya sunda di indonesia kaharepna  🌈🌈🌈

Comments

Popular posts from this blog

The Power Rp 1000